Perkumpulan Lingkungan Anak Bangsa
LIBAS @2 September 2025

Hirup téh kudu jadi rahmat,
tapi ayeuna robah jadi laknat,
lemah nu subur dipapas ku beton,
cai nu hérang dikurung ku tembok.
Gunung-gunung nu jadi payung,
dilulumpat ku mesin nu ngageleger,
leuweung garing, manukna ngahiang,
sato-sato kabur teu boga imah.
Rakyat leutik ngan ukur nyaksian,
ngabedog hate, nyeri dina dada,
nu boga kakawasaan,
ngaku-ngaku keur kamajuan,
padahal ngan keur ngahakan karaharjaan.
Hirup katindes ku pembangunan,
anu henteu maliré kana fungsina,
hiji nagara kudu aya tatanan,
ulah ngan ukur ku angkara jeung loba omongan.
Naha ieu nu disebut kamajuan?
Lamun rahayat katibanan kasangsaraan,
tanahna dirampas, cai na digaringkeun,
hirupna jadi korban di lemah sorangan.
( Tedi Sutardi )